Pedaran
Prosa
teh nyaeta basa nu dipake sapopoe (basa lancaran) anu teu kabengkeut ku
patokan. Prosa dibagi deui jadi dua bagean nyaeta :
1. Prosa Buhun/heubeul :
Dongeng
Prosa buhun ngahasilkeun dongeng, majar ceuk basa kiratana mah ngabobodo budak cengeng, lantaran
eusi dongeng loba hal anu pamohalan teu kaharti ku akal upamana
nyaritakeun : jalema bisa ngapung, sato bisa ngomong, jalema anu teu
lumrah, nyaritakeun sasakala, jeung sajabana.
Dongeng
kaasup kana carita rekaan (fiksi), sanajan eusi dongeng loba nu teu
kaharti ku akal, tapi gegedena mah dongeng teh ngandung picontoeun jeung
atikan.
Dongeng
geus jadi milik balarea (carita rayat) dongeng sumebar ku jalan
tatalepa, dongeng di dongengkeun, didongengkeun deui, kitu terus
terusan.
Numutkeun palaku jeung eusina, dongeng aya sabaraha rupa :
a. fabel
fabel, nyaet dongeng anu nyaritakeun sato bisa ngomong bisa lumampah cara jelema malah make aya rajana sagala.
Contona dongeng fabel : Sakadang Peucang, Kuya jeung Monyet, Si Utun jeung si Uca, Peucang jeung Tutut, Jst.
b. Legenda (sasakala)
Lagenda nyaeta dongeng anu nyaritakeun asal usulna kajadian : hiji tempat, barang sasatoan, atawa tutuwuhan.
Contona dongeng sasakala :
Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Tampomas, Situ Bagendit, Situ Gede,
Talaga Warna, Sanghiang Tikoro, Si Jagur, jeung Sasakala Nini Anteh.
c. Mitos/Mite
Mitos atawa mite, nyaeta dongeng anu eusina patali jeung kapercayaan jelema kana bangsa lelembutan (mistik).
Conto dongeng mitos/mite :
Nyi Roro Kidul, Kuntilanak, Nyi Pohaci Sangiang Sri Dangdayang
Tresmawati, Lutung Kasarung, Pusaka Ratu Teluh, Munjung, jeung Burak
Siluman.
d. Parabel
Parabel, nyaeta dongeng nu eusina nyaritakeun kahirupan jalma. Conto dongeng parabel : Si Kabayan, Abu Nawas, Pa Mohalan,Si Cabol, Kiansantang, Syeh Abdulmuhyi, jst.
e. Sage
Sage, nyaeta dongeng anu eusina ngandung unsur sajarah. Conto dongeng sage : Prabu Siliwangi, Ciung Wanara, Carita Parahyangan, Sajarah Ambia, Sajarah Banten Rante, jst.
2. Prosa anyar :
Karya sastra anyar dina wangun prosa mangrupa :
a. carita pondok
b. novel
c. roman
a. Carita Pondok
Carita pondok anu sok disingket jadi carpon dina sastra sunda nyaeta karangan
rekaan (fiksi) dina wangun lancaran atawa prosa. Istilah pondok ieu teh
upama carpon dibandingkeun jeung novel anu sarua papada carita dina
wangun prosa. Ukuran pondok teh kira-kira 5-10 kaca majalah. Kajadian
anu dicaritakeun dina carita pondok ilaharna museur lana
kajadian utama, atuh galur (jalan) caritana oge heunteu rea pungkal
pengkol cara dina novel. Kitu deui cara palaku anu ngalakonkeun cukup
kuduaan atawa tiluan bae. Malah teu saeutikcarpon anu palakuna ngan
saurang. Ilaharna pangarang sok ngagunakeun palaku “kuring atawa
“manehna”.
Unsur-unsur atawa ciri-ciri carpon nyaeta :
a. Palaku,
Palakuna teh jalema biasa, lain jalema pamohalan anu bisa ngapung, bisa ngaleungit, jst.
b. Latar
Latar nyaeta tempat anu jadi bahan carita mangrupa tempat kahirupan manusa sapopoe.
c. Galur
Galur nyaeta rakitan (struktur) kajadian nu aya dina carita, anu kaalaman ku tokoh carita. Galur carita disebut oge plot,nyaeta salah sahiji unsur nu ngawangun hiji carita.
Galur teh aya sababaraha rupa, diantarana : galur maju, galur mundur,jeung galur campuran.
Galur maju nyaeta runtuyan kajadian nu keur kaalaman ku tokoh carita
harita keneh. Galur mundur nyaeta runtuyan kajadian nu kaalaman ku tokoh
carita dina mangsa baheula. Ari dina galur campuran mah, tokoh carita
teh ngalaman kajadian ayeuna jeung mangsa baheula dina hiji runtuyan kajadian.
d. Tema
Tema teh nyaeta bahan carita estu museur tina kahirupan jalma sapopoe nu jadi inti tangtungan carita anu sipatna teh abstrak.
Carita
pondok umumna sok dimuat dina surat kabar, tabloid, jeung majalah.
Pangarang carpon dina nyuguhkeun caritana ka anu maca make sabaraha cara
diantarana :
1. Marele (ngaruntuy)
Nu
maca dikenalkeun ku anu ngarang ka anu boga lalakon (palaku), katut
imah pakarangana, indung bapana, anakna, dulurna, lemburna, asal usulna
kabeh dikenalkeun ka anu maca.
Biasana
anu disusun marele teh karangan-karangan baheula (buhun), upamana bakal
kapanggih dina buku Rengganis, Mahabrata, Ciung Wanara, jst.
2. Bobok tengah
Karangan
anu dibobok tengah mah geus tara make bubuka, tara make ngawawuhkeun
heula nu boga lalakon, ieu mah torolong bae, nu maca jol-jol aya di
tengag lalakon.
Sakapeung
mah lalakon teh asa can anggeus, nutupkeun carita mah nu maca kudu
ngira-ngira, mapantes, atawa disisiga ku anu maca sorangan.
Contona carita anu dibobok tengah : Baruang kanu Ngarora, Gogoda kanu Ngarora, Rahasiah Geulang Rantay, Laleur Bodas.
3. Mangnyaritakeun
Dina cara mangnyaritakeun, leunjeuran carita teh heunteu dicaritakeun ku nu ngarang, tapi ku jalma katilu.
Nu
ngarang teh nyaritakeun sawatara jalma, tuluy ieu jalma nu dicaritakeun
teh nyaritakeun carita, boh pangalamana, pribadina, boh pamondokanana,
boh dongen batur deui.
Anu jadi lulugu mah, dongeng anu didongengkeun deui atawa carita anu dicaritakeun ku jalma ka tilu tea.
Conto buku anu make mangnyaritakeun : Munjung karangan Moh. Ambri, Nunumbuk Disue, karangan Moh. Ambri.
4. Pandeuri ti heula
Dina
karangan pandeuri ti heula, nu ngarang ngamimitian ti tungtungna, geus
beh luhur, kakara dibalikeun puhuna (awalna), nepi ka carita teh siga
anu patepung gelang.
Jadi
pangarang teh nyaritakeun heula “buntutna” atawa ahir tina lalakon.
Conto bukuna : Pependeman Nabi Sulaeman, jeung buku “Salju Kilimanjaro”.
b. Novel
Sarua
jeeung carpon novel oge marupakeun karangan rekaan (fiksi) dina wangun
lancaran atawa prosa, anu ngabedakeun novel jeung cerpen teh nyaeta
caritaan anu leuwih panjang biasana nepika sabuku atawa leuwih, jeung
deui dina novel mah nu ngarang bisa laluasa nyaritakeun kajadian latar
atawa watek-watek palaku, aya sababaraha hiji galur anu ngabentuk
caritanna. Sarua jeung carpon, novel oge ngawengku unsur-unsur : tema,
galur, palaku, jeung latar.
Eusi carita dina novel rupa-rupa pisan, nempo tina eusina novel bisa dibagi-bagi jadi :
1. Novel Sajarah
Novel sajarah, nyaritakeun anu aya hubunganana jeung kajadian anu aya dina sajarah. Nu kaasup kana novel sajarah diantarana : Pangerang kornel, Mantri Jero, supati, robert anak Surapati, Carita Parahyangan,Jst.
2. Novel Ditektif
Novel
ditektif nyaritakeun anu matak pikasieuneun, piratugeun hate, jeung
nimbulkeun kapanasaran anu maca. Conto-conto buku nu kaasup kana novel
ditektif : Rahasiah Gelang Rantay, Pepedeman Nabi Sulaeman, Diarah Pati, Laleur Bodas, Kalajengking, Si Bedog Panjang, Jsb.
3. Novel Barudak
Novel barudak teh nyaeta novel anu ditulisna keur bacaeun barudak. Conto novel barudak upamana : Nunggul Pinang Babalik, Pikir, Jatining Sobat, Pulo Karang, Jsb.
4. Novel Perjoangan
Novel
perjoangan caritana ngandung salah sahiji perjoangan upama bae dina
perjoangan : Kayakinan politik, Nyebarkeun Agama, Ngarombak Sistem
Feodal, Jsb.
Conto novel perjoangan upama : Salah Atikan, Gogoda Kanu Ngarora, Jsb.
5. Novel Asmara
Dina novel asmara, anu nonjol teh bab tresnaningsih (kecintaan) antara awewe jeung lalaki. Conto novel asmara upamana : Roro Mendut, Rengganis, Lain eta, Tresnasena jeung Nyi Putri Sedih Asih, Jsb.
6. Novel Ilahar
Novel ilahar nyaritakeun kajadian di masyarakat sapopoe, sarta ku anu ngarang oge heunteu di aneh-aneh. Conto noovel ilahar : Munjung, Awak Ruksak Banda Beak, Enden Siti, Jsb.
7. Novel Rumaja
Novel rumaja, nyaeta novel anu nyaritakeun kahirupan rumaja. Conto novel rumaja : Sri Panggung, Wilujeng Enjing, Asmara Ngambah Sagara, Jsb.
Anu
nyaruakeun novel jeung roman teh nyaeta sarua aya dina papada prosa
anyar, jeung nyaritakeun sawatara jalma kalawan carita anu sawajarna
atawa sahinasna. Sarua diwangun ku unsur-unsur : tema, galur, latar,
jeung palaku.
Anu
ngabedakeun antara novel jeung roman heunteu wae aya dina panjang
pondokna carita eta. Atawa dina jumlah kecap nu aya dina novel atawa
roman. Ieu tabel anu ngajentre bedana novel jeung roman.
no
|
unsur
|
Roman
|
novel
|
1.
|
galur
|
kompleks
|
kompleks
|
2.
|
konflik
|
Ngubah nasib palaku
| |
3.
|
Panjang caritaan
| ||
4.
|
Watek palaku |